Cerita Lucu - Sensus Penduduk

Sensus Penduduk - Dina hiji mangsa aya petugas sensus penduduk datang ka tiap warga kanggo nyuhunkeun data. Atuh aya sabagian warga anu bingung, sensus kanggo nao deui da pemilu mah lami keneh.



Warga: Jang ari sensus teh kanggo pemilu? Asa cik keneh didata....
 
Patugas: Sanes pa .....
 
Warga: Kanggo BLT?
 
Patugas: Sanessss ..............
 
Warga : Ari geus keur naon atuhhh???? (rada nyereng ...tur nyentak)
 
Patugas : (ngajawab bari reuwas) Kanggo ngagentos lagu Rhoma Irama..... Lagu nu kapungkur " 135 juta penduduk Indonesia....." tos kadaluwarsa. Janten hasil sensus teh diantos pisan ku Kang Haji Rhoma Irama.  

Subscribe to receive free email updates: